:

Padamelan Rasul-rasul 28

1

Sanggeus sarerea saralamet nepi ka darat, mareunang beja yen eta teh pulo Malta.

2

Pribumina balageur, ngaraku ka imahna jeung mangnyieunkeun durukan pikeun saliduru, kawantu hujan jeung tiris.

3

Ari Paulus mulungan suluh tuluy diasupkeun kana durukan. Teu kanyahoan, ujug-ujug aya oray matih pisan bijil tina suluh, tayohna lantaran kapanasan, tuluy meulit kana panangan Paulus.

4

Narenjo oray ngambay dina panangan Paulus, pribumi ngaromong jeung babaturanana, "Eta jelema tangtu boga dosa maehan, luput ti laut tuluy dibales pati ku Dewi Kaadilan."

5

Oray ku Paulus dikepretkeun kana seuneu, anjeunna mah teu sakara-kara.

6

Disarangkana pananganana moal teu terus bareuh, atawa anjeunna ngadadak rubuh tuluy pupus. Sanggeus lila anjeunna teu kieu-kieu, panyangkana rarobah, magar teh, "Anjeunna tangtu dewa!"

7

Teu jauh ti dinya aya tanah kagunganana Publius, gegeden pulo eta. Anjeunna kacida someahna, kaula sarerea diangken di bumina nepi ka tilu poe.

8

Ari ramana keur teu damang, nyenyepen jeung disentri, ebog bae di pajuaran. Ku Paulus ditingali, dipangnedakeun jeung ditumpangan panangan, didamangkeun.

9

Tungtungna anu garering di eta pulo dibarawa ka Paulus, kabeh dicalageurkeun.

10

Maranehna marulang tarima, malah waktu kaula sarerea rek balayar deui kabeh marere bekel.

11

Nyiruruk di eta pulo teh meunang tilu bulan, ti dinya balayar deui, numpang kana kapal anu ti Aleksandria, anu tas milu nyiruruk di eta pulo sajero usum tiris. Ngaran eta kapal "Dewa Kembar", make lambang Dewa Kastor jeung Dewa Poluk.

12

Sanggeus nepi ka Sirakusa, kapal eureun heula tilu poe.

13

Ti dinya maju deui mipir-mipir basisir nepi ka kota Regium. Poe isukna kabeneran aya angin ti kidul, di jero dua poe ge geus nepi ka kota Puteoli.

14

Di Puteoli aya sawatara dulur sakapercayaan. Kaula sarerea dicandet eureun heula di maranehna wates saminggu mah. Ahirna nepi oge ka Rum.

15

Dulur-dulur sakapercayaan di Rum geus mareunang beja, tuluy marapagkeun nepi ka Pasar Apius jeung Losmen Tilu. Paulus muji sukur ka Allah, manahna senang dumeh iasa pendak jeung maranehna.

16

Di Rum Paulus diwidian bumen-bumen ku anjeun, direncangan ku hiji serdadu jaga.

17

Sanggeus meunang tilu poe, Paulus ngahaturanan pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi di dinya supaya caralik ka anjeunna. Sanggeus karumpul anjeunna sasauran, "Saderek-saderek bangsa Israil! Kaula teh boh ka bangsa boh kana adat istiadat karuhun teu gaduh dosa naon-naon. Nanging di Yerusalem kaula teh dipanjara, diserenkeun ka urang Rum.

18

Ku urang Rum dipariksa, ti dinya bade dibebaskeun, lantaran beresih tina dosa anu manjing hukum paeh.

19

Orokaya urang Yahudi ngaralawan, dugi ka kaula kapaksa kudu apel ka Prabu. Nanging kitu soteh sanes bade ngadakwakeun bangsa sorangan.

20

Tah kitu margina nu mawi dihaturanan ka darieu teh, bade dihaturanan katerangan yen sim kuring pang dugi ka dirante kieu teh lantaranana mah tina hal anu jadi pangarep-arep urang Israil tea."

21

Walon maranehna, "Perkawis saderek kitu, ti Yudea teu aya serat-seratna acan. Nu ti ditu teu aya nu ka dieu, teu aya anu ngabantun wartos perkawis kajahatan saderek.

22

Nanging kaula harayang terang kana pangraos saderek, reh eta madhab anu dianut ku saderek teh sakaterang mah di mana-mana mung pada ngalawan bae."

23

Geus kitu maranehna jeung Paulus nangtukeun hiji poe pikeun tepungan. Sanggeus nepi kana waktuna, nu daratang ka tempat Paulus kacida lobana. Ti dinya Paulus mertelakeun hal amanat Karajaan Allah, ti isuk nepi ka burit, sateka-teka ngayakinkeun ka maranehna hal Yesus, nyutat tina Kitab Musa jeung kasauran para nabi.

24

Aya anu palercayaeun ka anu dipertelakeun ku anjeunna, aya nu henteu.

25

Nepi ka bubaranana maranehna tetep teu bisa sapaham. Memeh budal, Paulus ngalahir kieu, "Tetela, pangandika Roh Suci anu ku Nabi Yesaya didongkapkeun ka karuhun aranjeun teh teu aya mencogna!

26

Margi kieu pangandikana ge, ‘Eta bangsa tepungan, tuduhan: Maraneh ari ngadenge teu weleh-weleh, tapi teu datang ka ngarti, panon molotot teu petot-petot, tapi teu datang ka nenjo.

27

Perasaan ieu bangsa geus mintul, nepi ka nyarocokan ceuli jeung meureum-meureumkeun panon. Sabab lamun teu karitu ge tangtu panonna bakal narenjo, ceulina bakal ngadarenge, pikirna bakal ngalarti, nepi ka daraek baralik ka Kami,’ dawuhan Allah, ‘tangtu ku Kami dicalageurkeun.’"

28

Paulus mungkas pilahirna, "Ku margi kitu muga aruninga, warta ti Allah perkawis kasalametan ti Allah teh ayeuna parantos diuarkeun ka luareun bangsa Yahudi. Maranehna mah bakal narurut!"

29

[Sanggeus Paulus ngalahir kitu maranehna budal bari silih bantah.]

30

Paulus calikna di Rum meunang dua taun, di bumi sewaan. Anjeunna senang nampi anu daratang nepangan.

31

Kabeh diwurukan hal Karajaan Allah jeung hal Gusti Yesus Kristus. Sasauranana teu risi-risi sarta lugina.

Link: